Tuesday, 25 December 2018

Antawis Moral, Adab, jeung Akhlaq.

Diserat ku: Yusni Tria Yunda. Alumni TK Bintang Bintang Bandung (teu lulus), Alumni TK Delima Bandung taun 1987, SDN Nilem IV Bandung taun 1993, SMPN 13 Bandung taun 1996, Alumni SMUN 6 Bekasi (teu lulus di ditu, mung dugi ka Kelas II)*, Alumni SMAN 1 Bandung taun 1999, jeung Alumni Jurusan Pendidikan Sejarah UPI Bandung taun 2007.

Ieu seratan kalih sababaraha hiji seratan lianna dimaksadkeun pikeun nutup kakirangan dina jalur atikan régulér simkuring, anumana anggal lumampah tina régulér formal nu langkung cindek seu'eur muatan Moral Pancasila_NA daripada muatan pakétan Agama Islam_NA, samentawis simkuring eukeur nyatarakeun pangaweruh simkuring ngeunaan Agami saluyu jeung kaperyogian akademik dina danget ieu.

Pirang - pirang jalmi yuswa sawawa nu rumingkang di alam dunya, pada - pada gaduh pamadegan niléy - niléy dina interaksi hubungan jeung papada jalma lianna, nu diagemna, boh sacara séwang - séwangan, boh sacara koléktif.

Prinsip - prinsip dina nga_ayakeun hubungan jeung papada jalmi dina hiji komunitas lingkeban sosial (lingkungan sosial), kawitna ditransfer ku ayana kastem atanapi kabiasaan. Kastem nu dibiasakeun ku pala sepuh (senior) ti pala murangkalih, tiasa diminangkakeun pepelakan kasaéan tina manah marantenna, sangkan pala murangkalih uninga (pikeun dirina nyalira), kalih terang (pikeun dirina jeung masyarakatna), saniskara lampah - polah nu diharepkeun ku papada, ogé saniskara lampah - polah nu kirang diharepkeun ku papada.

Éta dina Sosiologi disebat "custom", anumana muatan niléy - niléyna tiasa didugikeun ka antar generasi ngalangkungan rupi - rupi cara, sapertina: transformasi ku cara dicontokeun dina perkawis - perkawis kongkrét. Ngabantos mulung jeung miceun sampah - sampah plastik nu kapendak di jalan umum, teu kahaja - haja, misalna, éta mangrupi bagéan tina wentuk moral alatan kastem.
"Custom" nu salajengna, misalna ayana hiji kabiasaan upami seja badé ngalangkung sacara fisik ka payuneun jalmi sanés.

Nyarios kecap: 'hapunten', atanapi ogé kalimah: 'ngiring ngalangkung', éta mangrupi kabiasaan - kabiasaan saé nu mineng pisan dicontokeun ku pala sepuh dina lingkeban pagaulan Urang Sunda. Hadé disebatna ku pala sepuh, upami pala murangkalih ngalarapkeun hal éta dina sadidintenna, sahingga pala murangkalih nalurutan ieu kastem tanpa mikir langkung jero deui, sabab kabujeng dipararuji saupamina ngalakukeun hal éta.
Anna_ing, pala sepuh, teu sadayana masihan terang ka pala murangkalihna, yèn éta hal téh sanés mangrupi hiji kawajiban téknis ti Alloh.

Ka-duana, teu diwartosan ogé yén éta kabiasaan téh barlakuna teu sa_alam dunya dianggap salaku hiji bebeneran. Hartosna: pala sepuh teu ngajéntrékeun yén éta téh da ukur budaya lokal, sahingga bebeneran_NA ogé teu yuniversal, ukur barlaku di lingkeban sapersakian wungkul tina rubakna ieu alam.

Di dieu peryogina pangatikan élmu, nu tiasa nyaangan pala murangkalih, yén sawaréh alam téh aya nu remeng, aya nu poék, kalih aya nu ca'ang béngras. Ari saukur kastem mah dina pirang - pirang tingkat kaayaan kaca'ang gé tangtos aya. Tapi teu sadayana nu meraktékkeun hiji kastem dina hiji lingkeban uninga yén éta kastem tuna tina sifat umum. Pangatikan tiasa nyaangan pangaweruh ngeunaan ieu bagéan moral, anumana moral wungkul teu cekap ari tanpa élmu_NA.

Buktos tina éta pertelaan, nyaéta kantos kajantenan ayana konflik - konflik sosial dina waktos - waktos nu parantos kalarung, di mana hiji pihak mertahankeun kastem nu barlaku di ligkebanna, samentawis pihak anu eukeur interaksi jeung anjeunna migaduh pangartos nu bénten.

Pamaksaan ti hiji pihak ngeunaan hiji atawa sababaraha hiji wentuk kalakuan téknis tina kastem nu eukeur dipikaterangna salaku hiji bebeneran nu hayang dipikakudu ogé ku batur - baturna, ceuk simkuring mah éta mangrupi hiji kafanatikan nu heurin cara pangningal. Sikep - sikep introvért (katutup, ngahijab diri sorangan), bijilna tina ieu kaayaan méntal. Anapon ku ayana musyawaroh, atanapi interaksi nu langkung kabuka, tiasa muka panghijab èlmu samodél kitu.

Ieu bahasan peryogi conto. Panyerat nyobian neuleuman cariosan ngeunaan interaksi antawis Nabi Khidir kalih Nabi Musa, upami ditingal tina sosiologi, sanés tina juru hakékat kaimanan, ngauningakeun pambédaan juru pertelaan, tangtos penting pikeun pihak nu ngabandungan mingartos cara merlakukeun kasimpulan hasil tina prosés.
Saupamana 'tindakan hukum' nu dilakukeun ku Nabi Khidir éta mangrupi juru pangningal nu ditetepkeun dina logika akal Nabi Musa mangsa Nabi Khidir ngalakukeun wentuk - wentuk pamolah téknis nu ngabalukarkeun logika hukum syaréat anu eukeur dipikaterang ku Nabi Musa ngalaman konflik, sanés ukur salaku 'tindakan sosial' nu migaduh sifat nétral dina pameunteunna, mangka Nabi Musa leres mertaroskeun (nungtut) Nabi Khidir alatan 'tindakan hukum'_NA.

Upami konsép 'élmu' nu eukeur dicontokeun dina éta paguneman antawis Nabi Khidir kalih Nabi Musa, ditingal nganggé juru pangningal tashowwuf, mangka kantenan bakal fokusna kana hakékat bebeberan kailahian, anumana métodeu pikeun mikayakin tingkatan bebeneranna tangtos bénten jeung métodeu pikeun ngawilah kelas - kelas (kategorisasi) bagéan élmu - élmu syaréat, khususna fiqh. Sanés hartosna di antawis 2(dua) juru pangningal éta silih aya konflik, anna_ing adu_manis panjajakan pikeun ningal kasempetan jang silih ngalengkepan, saupamina mèmang parantos parat diteuleumkeun dugika weruh prinsip - prinsip métodeu élmu éta duanana sacara runtut raut.

Upami ngan salahsahiji prinsip métodeu tina 2 (dua) éta nu eukeur dipikaweruh katut nu dianggé pikeun neuleumannana, biasana nu kitu nu janten bahan pamikiran heurin téa, sanaos waktos heurinna ngan samentawis, sateuacan pangaweruh sanésna ngomplitan.

Dina ieu tahap transisi di antawis dua métodeu élmu, saniskara nafsu diri dina kawilayahan ieu tahap (saba`da nafsu syahwat), sok aya kamangmang, asa - asa, jeung ka_teukonsistén_an (inkonsisténsi) ngabetot hipotésis. 

Anumawi dina ieu Tahap BABANDING TÉORI / DADASAR TÉORITIS, cariosan difokuskeun kana komparasi, teu acan dilebetkeun argumèntasi - arguméntasi kongkrét, anumana dina seratan ilmiah wentuk makalah ilaharna aya dina lingkeban Tahap PAMBAHASAN / PERTELAAN.
Pangaweruh ngeunaan SISTEMATIKA PAMBAHASAN nu pas pikeun mertelakeun dua VARIABEL KABEUNGKEUT (sanés Variabel Bébas) ieu bènten jeung SISTEMATIKA PANYERATAN **. Ku kituna, bagéan tina Sistematika Pambahasan, nyaéta ngabahas jeung ngabandingkeun MÉTODEU ogé TÉHNIK nu dianggé dina Bagéan PAMBAHASAN. Ari Sistematika Pambahasan, ayana dina Bagéan Wiwitan: BUBUKA (Muqodimmah).

Qodim, tina 'QIDAM': Nu Waktos Ayana Langkung Tipayun, nyaéta salahsahiji sifat wajib anu dipigaduh ku Alloh anu diwajibkeunna ku Alloh pikeun dipiyakin saqobla jeung sa`da dipikaterang pangaweruh éta ku pala makhluk Mantenna. Dina éta bagéan QODIM, tinangtos dipertelakeun béwara tina saniskara pangartos nu seja badé diguar dina bagéan - bagéan salajengna dugi kana Bagéan KASIMPELAN.

Ayana SISTEMATIKA PAMBAHASAN dina Bagéan BUBUKA, atanapi QODIM ieu, sacara langsung parantos di_sirr_at_keun ku pangartos ngeunaan pabéntenan antawis makhluq nu diciptakeun, jeung kholiq nu nyiptakeunna, anumana ari makhluq pasti papasangan sifatna, bénten jeung kholiq. Kusabab sifatna makhluq papasangan, mangka upami aya hirup tangtos aya maot, upami aya BUBUKA tangtos aya PANUTUP. Kukituna, wates PAMBAHASAN parantos katawis ku ayana pangaweruh ngeunaan QODIM, nyaéta aya di antawis QODIM jeung PANUTUP.

Anna_pon kumaha cara ngabahasna PAMBAHASAN nu aya di tengah - tengah antawis éta QODIM jeung PANUTUP, éta nu disebat SISTEMATIKA PAMBAHASAN.

Numutkeun ieu cara maluruh QODIM, mangka Sistematika Pambahasan nu kasirat nyaéta kedah ti anggal, maluruh nu langkung tipayun sacara aya_NA, ogé sacara waktos_NA. Éta cara nyusun Sistematika Pambahasan pikeun ngabahas kamakhluqkan, anumana urang - urang aya di lebetna.

Ari nu dimaksad istilah 'langkung tipayun' di dieu, sapertina conto kecap: 'punten', nembè, sanés hartosna ngawaler patarosan: 'ti iraha terang istilah punten?',   anna_ing: 'ti iraha mikagungan kasadaran ngeunaan hartos kecap punten?', salaku patarosan ka-hiji, anumana engkèna dina SISTEMATIKA PAMBAHASAN dilebetkeun kana cara ka-hiji (istilah kagungan, nyaéta pikeun diri nyalira).

Patarosan ka-2 (dua), nyaéta: 'ti iraha migaduh kasadaran ngeunaan hartos kecap punten?', salaku patarosan ka-dua, anumana engkéna dina SISTEMATIKA PAMBAHASAN dilebetkeun kana cara ka-dua (istilah gaduh, nyaéta pikeun batur, dina hartos: milik batur). Dina geus tiasa mastikeun ayana 'milik batur' anumana jalanna éta bisa dimilikan_NA téh ngalangkungan urang - urang, berarti éta titik punjul tina saniskara ikhtiar kaélmuan. Sahingga aya GUNA jeung MANFAAT tina usaha ngadeukeutkeun diri tina pangartos nu pangcaketna jeung bebeneran.

Bebeneran nu janten kafer pikeun interaksi jeung papada, tiasa nyandak 3 istilah: Akhlaq, Moral, Adab.

Ari Akhlaq, langkung caket kana pangartos: saniskara hal anu sakedahna dipigawè ku Makhluq sabagé nu diciptakeun ku Kholiq. Di lebet pangartos akhlaq, sanès kanten aya ogé pangartos - pangartos pikeun nyumikep ka saniskara pambagéan (klasifikasi) kaayaan pala makhluq, anumana éta sikep - sikep janten padamelan nu dilakukeun dina raraga ngalakukeun kawajiban salaku makhluq nu diciptakeun (kholaq) ku Kholiq.

Pambédaan - pambédaan pamikiran jeung tèknis nyumikep ka saniskara klasifikasi kaayaan pala makhluq, meryogikeun cicirén jeung istilah séjén pikeun gampil nyebatkeun wentuk - wentuk pamikiranna. Adab, mangrupi téknis pikeun ngalarapkeun akhlaq nu pangartosna langkung umum, ka pangartos téknis nu langkung khusus deui tina jinis akhlaq. Adab, kukituna: mangrupi wentuk nyata atanapi ogé INDIKATOR tina ayana jinis akhlaq.

Bénten jeung Moral, ari Adab parantos cindek ngakhususkeun sifat padamelan numutkeun kana garis badag Akhlaq. Anapon ari Adab, parantos aya sapakét jeung Moral tina Adab éta di lebet Adabna. Samentawis hiji pakét Moral, teu acan dipikaterang cindekna kana Jinis Adab Khusus nu mana. Kukituna, ilaharna di satukangeun istilah kecap 'Moral', seu'eur saéna ditambihan ku kecap atanapi istilah panjelas, misalna: Moral Pancasila.

Istilah panjelas pikeun jinis Moral, saéna nyirénkeun jinis pakét tina prinsip - prinsip pamikiran nu dibungkus ku éta kemasan Moral. Prinsip - prinsip pamikiran ieu, sanés kanten mangrupi pamendak aqli anumana parantos dirumuskeun tina sari - sari naqli, sahingga mangrupi bahan asak nu tiasa kénéh diolah tambihan - tambihanna, atanapi ogé langsung dikonsumsi pikeun diteda (sa_nyalira_eun), atanapi ogé pikeun dituang (dikonsumsi babarengan jeung batur - batur).

Saupamina hiji istilah Moral parantos diréndéngkeun jeung istilah panjelasna, saperti Moral Pancasila, mangka éta Moral parantos migaduh ranah widang khusus, anumana éta widang migaduh wates - wates rohangan falsafi anu asasi kabenerna dipasihan standar indikator - indikator khusus dina èta widang. Sanaos indikatorna khusus, anna_ing teu nutup kamungkinan yén jinis - jinis indikator éta ogé dipigaduh ku jinis - jinis Pakétan Moral lianna.

Upami aya langkung ti 2 (dua) indikator nu sami - sami dipigaduh ku 2 (dua) Jinis Pakétan Moral, mangka: di antawis éta 2 pakétan dimungkinkeun aya sajinis atanapi sababaraha jinis hubungan kakaitan anumana wentuk kakaitanna tiasa dipaluruh ku métodeu nu cocok pikeun duanana. Kukituna, pikeun indikator - indikator nu aya dina pirang - pirang Pakétan Moral, tiasa ditangkodkeun Panduga Kakaitan nu disebat HIPOTÉSIS.

Upami Hipotésis seja badé diguar kabenerna, mangka indikator - indikator nu migaduh kasamian sifat tina éta dua Pakétan Moral, diangken salaju VARIABEL.
Upami éta dua Variabel saparantosna dibandingkeun laju migaduh kasamian hal dina mangsa dijalanan, mangka tiasa ditarik hiji ASUMSI ngeunaan konsisténsi di antawis dua variabel ieu.

Pikeun maluruhan tingkat konsisténsi pasakutuan di antawis ieu dua variabel dina kondisi - kondisi nu bénten - bénten, mangka éta dua variabel diperlakukeun sabagé VARIABEL TETEP atanapi VARIABEL KABEUNGKEUT, samentawis kondisi - kondisi nu diujikeunna tiasa diperlakukeun salaku VARIABEL BÉBAS.

Panalungtikan ngeunaan kakaitan di antawis dua variabel atanapi langkung ti dua variabel tiasa disebatkeun aya dina tahapan PROPOSAL PANALUNGTIKAN. 

Saparantosna jéntré yén aya kadar kakaitan nu sakirana sacara Hipotésis dipigaduh ku éta Variabel Kabeungkeut nu dibahas dina Proposal, laju seja rék diayakeun pangujian - pangujian pikeun kaayaan - kaayaan (kondisi - kondisi) sanésna, mangka naék ka Tahap PANALUNGTIKAN.

Ayana unsur Kastem dina Moral, mangrupi salahsahiji ASUMSI nu tiasa diujicobakeun dina kondisi - kondisi nu bénten.
Kitu, pangartos panyerat dugi kana danget ieu ngeunaan kakaitan antawis Moral, Adab, jeung Akhlaq, saupamina éta konsép - konsép badé ditalungtik sacara kualitatif.
_\\
1st editing (04/01/2019), input: Trying to edit with PLCRC.
2nd editing (22/01/2019), input: * & LINK to ** (Systematical of Writing Source Addresses), and makes paragraphs distance spaces.


Sumber Duplikasi Untitled Album.

Oléh: Yusni Tria Yunda. https://m.facebook.com/photo.php?fbid=2112359267111&id=1789538702&set=a.2112358667096&source=48 ___ 1...